Jumat, 30 Oktober 2015

Contoh Pribahasa Bahasa Sunda Dan Artinya

Assalamuailaikum wr.wb SAMPURASUN | Didieu abdi badé mere conto paribahasa bahasa sunda nyaeta : 1. Abong biwir teu diweungku, abong letah teu tulangan = jelema nu ngomongna sakarep arep,ngomong teu jeng wiwaha 2. Adep hidep = kumawula (ka salaki) 3. Asa dipupuk birus = ngarasa tibra hate 4. Asa ditonjok congcot = ngarasa atoh dumeh meunang rejeki atawa pikabungaheun anu teu disangka- sangka 5. Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas = kacida bungahna jeung kacida bagjana 6. Asa katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan dina keur kasusahan 7. Asa nyanghulu ka jarian = teu ngenah rasa,lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna. 8. A sa peunggas rancatan = leungiteun batur nu nalang dina pagawean 9. Asa rawing ddaun ceuli = mindeng ngadenge omongan nu teu ngenah 10. Atung eneh atung eneh = kitu-kitu keneh bae 11. Awak sabeulah = randa nu hirup imah-imah sorangan 12. Awak sasampayan = jangkung leutik atawa lenjang atawa jangjing, pantes make baju 13. Awewe dulang tinande = awewe mah biasana kumaha kahayang lalaki 14. Aya astana sajeungkal = datangna ajal mah teu gumantung ka umur 15. Aya bagja teu daulat = menang bagja tapi teu jadi kaberkahan atawa henteu tuluh meunang bagja 16. Aya di sihung maung = loba hubungan jeung gegeden, jadi babari meunang pitulung 17. Aya kelong newo-newo = aya nu ngusutkeun(ngarorocet) hiji perkara anu geus beres pisan 18. Aya nu dianjing cai = aya nudiheroan 19. Aya piker kapingburi = aya piker atawa rasa nu timbul pandeuri 20. Bias kabala kabala = bias campur jeung jelema ti rupa rupa golongan atawa bias digawe kasar jeung lemes 21. Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun cece bocek jeung anu saenyana kudu dirusiahkeun 22. Bobo sapanon carang sapakan = teu puguh undak usukna,teu puguh entep seureuhna 23. Bobor karahayuan = katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah 24. Bobot pangayon timbang taraju = pangadilan, timbangan anu adil 25. Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya 26. Bodo katotoloyo = bodo jeung teu daek tatanya 27. Boga piker rangkepan = henteu bolostrong, henteu ujug ujug percaya kana omongan batur anu amis 28. Bogoh nongecang = bogoh sosoranganan, teu dilayanan, ambon sorangan 29. Bosongot bade amprotan = dipikagimir, pasemon jagoan 30. Bujang jengglengan = jajaka tulen sarta tegep HATUR NUHUN :-D

Tidak ada komentar:

Posting Komentar